Poe
ieu malem Jum’at. 3 poe pasantren nu ditempatan ku Malik jeung babaturanna
saangkatan keur ngalaksanakeun kemping.
Berarti, poe ieu the poe nu kadua.
Basa
keur harita, dina malem Jum’at the dilaksanakeun jerit malam, alias JJM. Atuh
ieu bulu kuduk the meuni asa rey ngarey. Komo malem jumu’ah, kliwon pisan.
Haruuhh, asa meuni kukurayeun. Mental ge asa ujug-ujug nyiut sorangan barangan
dibere nyaho yen JJM na sorangan-sorangan.
Tapi
untungna, Allah mere karinganan yen cenah cek Kaka Bantarana the JJM na
tiluan-tiluan pedah aya sawatara hal anu ngaganjel. Lah rek sorangan, rek
tiluan, nu ngaranna JJM asa deg-degan bae da.
Barangan
dipanggil ku Kaka Bantarana, “Malik, Hazim, Najib.”
Malik
jeung nu lianna langsung nangtung bari nu teu gairah.
Nu
kahiji pisan, Malik jeung babaturanna dibere nyaho ngeunaan teknis nu kudu
dituturkeun. Aya symbol naon wae, mun aya nu aneh kudu kumaha, jeung sajabana. Maranehna
tiluan ngan dibekelan lilin sagede panengah jari jeung korek sa-pak nu ukuran
leutik.
“Kuring
mah di tengah lah.” Ceuk Najib siga nu kasingsieunan.
“Ih
teu bisa. Hompimpah lah. Tiap nu meunang bisa bebas milih.” Ceuk Hazim nu mbung
eleh.
“Geus
atuh lah. Tong gandeng. Hazim, si Najib wae nu di tengah. Karunya, itu geus
parias, geus ngaleleper.” Ceuk Malik mere jalan kaluar.
“Najib
kuat keneh teu?” Malik nanya ka Najib.
“Insha
Allah lah kuat.” Ceuk Najib ragu.
“Hhhmm.
Enya atuh. Ngan maneh nu ngabawa lilin na nya. Awas bae. Kudu konsen maneh ka na
lilin. Sabab lilin na ngan sakieu.”
“Enya
siaaapppp.”
*****
Geus
2 pos alhamdulillah di jalan the lancer. Mung, barangan rek ka pos 3, nyaeta
pos ahir, manehna tiluan kudu ngalewatan makam. Daek teu daek kudu daek, da
ngan eta hiji-hijina cara.
“Arruuhhh.
Di makam pisan.” Ceuk Najib bari ngabarigidig.
“Geus
bismillah wae. Tenang, aya Allah. Mikiranna nu positip wae, tong nu kararitu.”
Ceuk Malik nenangkeun dirina jeung babaturannana.
“Heueuhnya,
da pasti aya panitia nu nuturkeun.” Ceuk Najib bari ngusap kesang di tarangna
ku leungeunna.
“Heh.
Kela-kela. Kadangu teu?” Ceuk Hazim ujug-ujug nanya bari cicing teu neruskeun
langkahna.
“Naon
ih. Tong nyingsieunan.” Ceuk Najib bari sorana nu siga geumpeur geus
ngalakukeun dosa.
“Cicing.
Siga aya nu keur ceurik. Tapi lalaki. Kadangu teu?” Ceuk Hazim bari rada
melong.
“Deuh
panitia meureun eta mah.” Ceuk Najib nenangkeun diri mung bari murungkut ka
Malik.
“Asymawi?”
Ceuk Malik nu samar kadangu.
“Hah?
Naon? Asymawi? Kabener ih. Asymawi mah pan tos maot.” Ceuk Najib bari nyiwit ka
na leungeun Malik.
Emang,
Malik the tiasa ningali ka nu kararitu. Mun cek jalmi nu sanesmah disebatna the
gaduh indra ka-6.
“Arawwwww.
Nyeri heh. Ih kadangu sugan?” Ceuk Malik bari ngusapan leungeunna nu diciwit ku
Najib.
“Hah?
Keur naon Asymawina?” Ceuk Hazim ngaharewos ka Malik.
“Keur
ceurik bari matana ditutupan ku leungeunna. Ngan ceurikna siga ceurik getih.”
Ceuk Malik bari ngaharewos ongkoh.
“Tuh
kan. Ihh mbung lah. Urang mah hayang geuwat balik. Urang rek balik deui.” Ceuk
Najib bari lumpat ngabecir.
Malik
ngan ukur mikir bari melong, sedengken Hazim keur gogorowokan yen sangkan Najib
ulah balik deui.
Ningali
Malik ngan ukur melong, Hazim ngageuingkeun Malik.
“Heh.
Heh. Kalah melong.” Ceuk Hazim bari nyenggol leungeun Malik.
“Heh.
Tong melong. Sadar, sadar!” Ceuk Hazim deui.
Disamping
eta,
“Heh.
Geuwat hudangggg.” Ceuk Hazim bari nyiwit.
“Arawwww..
Enya beu cuang disusul Najibna. Karunya itu, dituturkeun Asymawi.” Ceuk Malik
bari hudang ngaronjat jeung langsung cenghar.
“Hah?
Naon? Dituturkeun? Maksadna?” Ceuk Hazim ngageuingkeun.
“Eh,eh
keheula. Geuning ieumah di kamber asrama? Rarasaan the Malik, Hazim, jeung
Najib asa di makam.” Ceuk Malik bari ngucek matana tur gagaro ka na huluna.
“Ish.
Kabener ih.” Ceuk Hazim bari kaget.
“Untungna
mimpi. Hazim kunaon ngagugahkeun Malik?”
“Itu,
Najib kasurupan. Hazim sieun mun ninggalkeun Malik nu keur bobo. Komo
barangreup kieu mah.” Ceuk Hazim hawatir.
“Astaghfirullah
al’adzim. Hayu atuh cuang kaditu. Najib na dimana ayeuna?”
“Di
masjid, nuju ditanganan ku ustadz Kaliq.”
*****
Di
koridor nu rek ka masjid, Malik mikiran yen “aya hubunganna teu nya jeung mimpi
Malik?”.
Barangan
nyampe ka masjid, Malik jeung Hazim langsung geuwat-geuwat ngadeukeutan Najib
kangge ngiring ngadu’akeun.
“Zim,
ieumah Asymawi.” Ceuk Malik ngaharewos ka Hazim.
“Ekhhmmm.”
Kadangu batuk ustadz Kaliq nu dihaja, siga mere nyaho symbol naon.
Geus
8 menitan Malik cicing didinya, bari teu kawasa ningali Najib nu beuki brutal
jeung pak ustadz nu hampir kawalahan. Ahirna Malik mutuskeun yen siap
ngabantosan ustadz Kaliq.
“Ustadz,
Malik izin ngabantosan.”
“Mangga.”
Ceuk ustadz Kaliq pasrah.
Malik
langsung marentahkeun ka Hazim yen suruh nyokot lilin jeung korek api dina
sorog meja kamberna Malik. Hazim, langsung lumpat ngalaksanakeun parentah
Malik.
“Asymawi.
Naha maneh the ngaasupan Najib?”
“Heh.
Kuring mah lain Asymawi.”
“Tong
ngabohong. Kuring ge apal.”
Ahirna,
Hazim the datang. Lilin jeung korek the diberekeun ka Malik.
“Heh.
Geuwat ngaku. Geuwat jawab.” Bentak Malik.
Tungtungna
tacan ngajawab bae keneh. Ahirna, Malik ngahurungkeun eta lilin ku korek api
tur dideukeutkeun ka raga Najib bari dibacaan ku du’a du’a.
“Aaarrrrrraaaawwwww.
Enya ngaku. Kuring Asymawi, anu pernah sakamber jeung Najib. Kuring ngaasupan
ka Najib pedah manehna geus ngahancurkeun hirup kuring.”
“Ngahancurkeun?
Emang naha?” Ceuk Malik kaget.
Mung,
jawaban ti Asymawi ngan ukur ngagerung. Umak-amuk teu pararuguh. Malik,
ngadeukeutkeun deui eta lilin nu hurung ka raga Najib.
“Aaarrrraaaaawwww…..
enya, enya kieu. Basa keur harita, dimana kuring jeung si Najib datang ka acara
seminar. Didinya aya awewe anu geulis rupana. Kuring jeung si Najib bogoh ka
eta awewe. Ngan kuring ngarasa si awewe eta the deukeutna ka si Najib bae.
Kuring timburu. Terus teu sengaja kuring nempo binder nu awewe eta, didinya aya
tulisan “kabagjaan nyaeta ngamenangkeun anjeun.” Kuring beuki curiga yen ka
saha lalaki nu dimaksud the. Si Najib pernah ngomong kieu “manusa bisa
ngabogaan pangaruh tanpa jabatan atawa kaunggulan nu dipiboga na. Kuring teu
ngarti maksudna naon. Ti dinya, kuring ngalepaskeun sagala jabatan kuring. Tapi
nu ahirna, awewe eta the beuki resep wae ka si Najib.” Ceuk Asymawi bari
ngagerung.
“Heh.
Ayeunamah Anjeun the da geus beda alam jeung Najib. Karunya atuh. Karunya ka Anjeun,
karunya ka Najib jeung nu lianna. Jodoh mah ditangtukeun ku Allah SWT.”
Ditingali
Ustadz Kaliq keur ngabalur kaki Najib ku bawang bodas, bari nyarios “Sok geuwat
Asymawi. Kaluar maneh. Karunya Najib.” Saurna, tur dilanjutkeun ku babacaan
du’a.
“Moal
mempan Ustadz.” Saur Malik.
“Hazim.
Pangnyokotkeun cai bodas samangkok leutik bae.”
Hazim
geuwat-geuwat lumpat ka dapur asrama kanggo nyandak eta cai.
“Yeuh
Malik.”
Dibacaan
eta cai the ku du’a-du’a. Tuluy, curuk manehna dicelupkeun ka na cai eta. Terus
curuk manehna dideukeutkeun ka mata Najib. Yen supados cai eta the ngeclakan ka
na matana Najib.
Bari
terus diseringan ku babacaan, Asymawi beuki ngaberontak. Beuki brutal.
“Geuwat
kaluar Asymawi.” Bentak Malik.
Ahirna
raga Najib the cicing. Malik, Ustadz Kaliq, Hazim jeung nu lianna langsung
serentak ngucapkeun “Alhamdulillahhh.”
*****
Geus
30 menit teu sadar-sadar, ahirna eta Najib the beunta. Tuluy melong tur
bingung. Ditingalna babaturannana nu embung ngadeukeutanna. Mung, Malik
ngarangkul Najib yen ngomong “siapkeun rencana the ku du’a.” Bari nepuk tak-tak
na Najib.
“Hayu
lah, urang solat Maghrib. Adzan tos ngajak.” Ceuk Hazim.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar